Milik Moal Pahili Bagja Pada Boga
MILIK
MOAL PAHILI BAGJA PADA BOGA
MILIK
MOAL PAHILI BAGJA PADA BOGA

Karya:
Sutara, SPd
Lawang
Saketeng
Lalakon
hirup jeung hirup ngalalakon
Hirup
jeung huripna jalma diatur ku Allah, susah bungah jodo pati, papait jeung milik
mung mantena anu terang, namung kapanasaran jalma tetep aya, sok paribasa
hayang nyaho lalakon hirup jalma, patanya tanya kadang sok maca carita anu
dikumpulkeun ngajadi buku, dumasar kana eta atuh simkuring oge jorojoy hayang
ngumpulkeun lalakon hirup anu eusina hirup ngalalakon, intinamah kumpulan
pangalaman anu geus kalakonan sabaraha waktu katukang.
Paralun
ampun sanes mintonkeu kaagulan, estu hayang kailo ku murid atawa anak, minangka
warisan anu teu sabaraha hargana tapi sugan jadi babandingan lalakon anu maca
dina kahirupanana.Malakmanadar aya pulungeunana sasieureun sabeunyeureun anu
hadena, pilihan piceuneun anau tojaiyah jeung agama darigamana.Jauh tanah
kalangit kana sampurna, hampura samudaya kalepatan.
Waringin,
25 desember 2014
Sutara,
S.Pd
1.BANJAR
KARANG PAMIDANGAN
Dumasar
carita kolot data autentik dina ijajah sokola dasar, kuring lahir poe sabtu,
tanggal 5 bulan Juni taun 1964 di Desa Waringin Kec. Palasah Kabbupaten
Majalengka, sakola Sd di SDN Ciborelang kec. Jatiwangi kabupaten Majalengka
Jawa Barat,pun biang Saniah pun Bapa Sanen duanana teu gaduheun ijajah nanaon,
tapi aranjeuna bisa nyakolakeun kuring dugi ka S.1 alhamdulilah.Pacabakan pun
bapa Merebot Masjid Ciborelang ari pun biang mah ukur katut caroge alias teu
gaduh pacabakan matuh. Aranjeuna hirup basajan tapi Allah ngarizkian nepika
kuring tiasa nyangking Sarjana, Alhamdulilah kersaning Gusti Allah kuring bisa
ngabagi ieu lalakon dina ieu tulisan, mangga lenyepan dugika tuntas.

2.GEMBEL PASAR
Mangsa keur
leutik jaman barudak keneh kuringteh ibarat gembel ceuk ayeunamah, kusabab sok
pupulung dipasar tapi lain papaling, rupaning sayuran, duit, suluh, kuntung
rokok jeung nuliana, kasang tukangnamah lantaran butuh jeung kolot kurang
pangan, tapi ceuk pada haritamah teu loba pikir era atawa gengsi ceuk barudak
kiwari, mulung sayuran mangsa aya bongkar ti mobil, mulung duit lamun tas
pasaran mingguan, mulungan suluh kayu kurut rangka lawon atawa kas wadah gula,
mulungan kuntung roko keur jualeun kabandar, cenah jang bahan celepan
batik.Tapi sakola teu kaganggu lantaran ieu pagawean wanci bubar pasar tengah
poe sabada bubar sakola.
3.DIGAWE DITOKO MEBEL
Mangsa umur
geus nincak kelas genep, milu digawe ditatangga anu usahana kana dagang mebel
kayaning; korsi, lomari, ranjang, rak jeung sajabana, saban sore nimba ngesian
bak mandi anu jangkuna sabeuheung mangsa harita, saban poe mingguna sok dititah
nagihan kanu ngahutang mebel, kandaraanna sapeda najan jauh kaluar kacamatan
oge.Pagawean anu matuhna muka jeung nutupkeun toko mebel, maraban ingon ingon
anu dunungan, ngumbah motor jeung rea-rea deui.Lulus Sakola SDN Ciborelang I
kec.Palasah Kabupaten Majalengka taun 1979.
4.SAKOLA SMP
Asa bagja
bisa lulus tes asup SMP, disagedengeun loba keneh babaturan anu teu bisa
nuluykeun sakola alatan teu mampuh beana.disatukangeun eta anu ngahihileudan
dina pikiran nyaeta bakal langgeng atawa moal sakola, lantaran tekadna mung
coba-coba da jelas kolot jalma teu boga.Minder jeung mindeng hulang huleng,
lamun istirahat sok camaeu bae di tempat parkir sapeda.Beda jeung jabaturan
anak jelema anu baroga pakaya, jajan pinuh, atawa pakean sarwa alus, alat tulis
lengkep jeung marahal, ari kuring kantong oge nyieun tina kantong tarigu
dijarumat kuleungeun, buku ipis jeung murah,Tapi sumanget teu eleh kubabaturan,
cita-cita oge hayang jadi tentara, asa jojojoy kabita jadi tentara, pakean
saregep, manggul bedil, terjun, kokorobasan dileuweung.
Dina samen
tamat SMP malah kapincut ku babaturan hayang ka sakola Guru(SPG).Dibariskeun ku
Guru Anu Ka SMA, SMEA, STM ,SGO jeung SPG, kuring ngabaris ka golongan
SPG(Sakola Pendidikan Guru).Lulus ti SMPN Jatiwangi I Tahun 1982 saat gunung
Galunggung Meletus
5.SAKOLA SPG(Sekolah Pendidikan Guru)
Ngaliwatan
sabaraha tes, alhamduliliah kuring asup ka SPG(Sakola Pendidikan Guru).Bungah
pacampur bingung, bungah bisa nincak sakola luhur, bingungna biayana teu boga,
sabaraha poe ngaroel nyapeda ti Ciborelang sampe Majalengka, wanci sabada subuh
tos mangkat ka majalengka datang panggasikna najan penjaga sakolana oge can
datang kuring tos nyampak digarasi SPG Majalengka, ieu lalakon sampe sabulan,
kadituna nyobaan nekad milu kos jeung babaturan bayarna dua rebu sabulan,kusabab
narimakeun jalma teuboga barang nepi ka majalengka nyiar pacabakan atawa
pagawean keur nambahan jajan sapopoena, kersaning gusti aya anu ngajak jadi
palayan roti bakar, atuh asa mogok manggih gorowong.Satengahing Perjalanan teu
mulus lantaran sababaraha perkara sakola ngalaman reuntas meh tilu bulana,
lunta ka Jakarta seja dagang koran keur nyambung hirup,tapi anu aya teu
tengtrem pipikiran inget kanasib, kunaon kudu reuntas,padahal kari sasaraha
bulan deui. Tapi kersaning Gusti Allah kuduna sakola deui dak dumadak jorojoy
hayang balik deui,Alhamdulilah kalayan Ridho Allah kuring bisa lulus sakola
guru SPG Majalengka taun 1985.Kacatur hayang pakaulan bebeja kanu jadi bapa yen
kuring tamat, bagjana anu jadi kolot, bungahna anu jadi bapa, anjeuna eureun
tina tirakatna, anu salila kuring sakola, kolot kuring nirakatan kuring senen
kemis jeung teu dahar sastoan atawa anu bernyawa, “subhanallah” eta hiji rusiah
anu di buka panderi.
6.TRANSMIGRASI

Nagara
tigerat ceuk basa ayeunamah resesi, biasana saban lulusan sakola guru teu hese
nyiar gawe tapi harita pas lulusan kuring nagara kaayaan walurat teu ngangkat
pagawe nagri, asa mubajir sakola teu guna gawe, lieur kamana koloyong, rek jadi
pulisi teu aya dukungan jeung waragad teu cukup eta oge sarat-sarat mah geus
dijieunkeun.dina hiji mangsa aya tatangga anu datang ti Sumatra , ngahaja neang
kolotna, ubral obrol , jorojoy kabita kucaritaana jeung panasaran hayang nyaho
tanah sabrang, teu hese kuring didaftarkeun jadi peserta Transmigran, Karang
agung Ilir Musi Banyu Asin umatra Selatan tempat anyar kuring, nyiruruk di
tempatkeun dileuweung golondongan jauh tina karamean, alhamdullilah kuring
diangkat jadi guru honorer dikarang Agung Hilir Sumatra Selatan,anu jadi
muridna barudak bawaan tijawa anggota keluarga Transmigrasi, tikelas hiji nepi
ka kelas genep dikumpulkeun di bale desa anu can aya pangurusna, wangunan
disekat ku papan saayana, bukuna saayana kiriman ti departemen Transmigrasi,
guruna mung kuring anu lulusan ti SPG babaturanmah aya anu SMA, SMEA,STM aya
oge ti SMP, daek teu daek kuring kapeto kepala Sekolahna darurat jeung honorer
tapi gajihnamah sarua salawe rebuan.Lumangsung kana dua tauna, sagala macem
pangalaman pait ketirna hamo bisa digambarkeun dina wangun tulisan.Dina hiji
mangsa keur ngareureuh murak liwet, jol babaturan mawa surat tilembur anu
eusina ngabejaan pun bapa ngantunkeun ti alam dunya sabulan katukang,nalangsa
batin can bisa babakti kanu jadi kolot,ahirna jorojoy hayang mulang kalembur
hayang ningali makam anu jadi kolot, asa dosa anu kacida gedena.Kuring menta
surat izin ka UPTD geus kabacaeun yen saban anu mulang teu aya baralik
deui,tekad kuring samentara bakal balik deui teu loba anu dibawa, baju jeung
salin sacukupna, imah dititipkeun ka anak tatangga, lamun dua bulan teu mulang
deui milik manehna.
7.NGUMBARA KA JAKARTA

Alpukah anu
jadi lanceuk, “diditu sapiring,didieu sapiring, geus nyiar gawe dijakarta bae,
kumaha lamun jadi satpam? Gajihna saratus rebu?”ceuk kilanceuk.Bari campur
bingung kuring nyanggupan tapi hate inget keneh ka talapakan di Transmigrasi,
dalah dikumaha lalakon kudu beda, ahirna bea keur ongkos ku kuring dipake
nyieun sasarat, bral indit ka tempat panuduh kilanceuk, anu rek dijugjug PT
Sulindo seahtera jurusa Jalan Mauk Tanggerang.Dua poe eta alamat disungsi tapi
lebeng teu kapanggih najan asak tatanya, serah bongkokan maksudteh bebeja ka
Grogol ka ki lanceuk, tapi anu aya totos podol nyarekan beak dengkak,”dasar
orang udik, suruh kerja malah luntang lantung?harita can nete kaburuan imah ki
lanceuk kaburu cacarekan, teu antaparah najan sungut teu wasa nyarita,
mengkolkeun lengkah rek balik ka lembur bari taya hasil jeung duit ludes.Ningali
tekad kuring anu ngabalieur, kilanceuk ngudag, “ dek kamana maneh? Bari
rambisak cimata.”Ceu kuringmah rek balik deui ka kampung, didieumah ukur
ngaripuhkeun bae?”ari maneh boga keur ongkosna?”.kuring nembalan rada
teugeug,”najan leumpang oge pasti datang, teu kahalangan sagara jeung
lautan”.Gura giru kilanceuk neangan injeuman ka tatanggana keur ngeupeulan
kuring kanggo onggkos.”ieu lumayan keur ongkos!”, ceuk kilanceuk bari
nyeselkeun kana keupeulan.”Nuhun ceu”, ceuk kuring bari ngalengkah bangun
beurat.Buyar pangharepan, anu paya lengkah anu pinuh hanjelu, bet tega dulur
ngagagalkeun cita-cita, padahal lamun rek bela, bokapa nganteurkeun nepika
tempat tujuan, dasar lalakon kudu dilakonan nepika dinya.
Satengahing
panarawangan anu polos, jorojoy hayang neang kilanceuk anu sa indung sabapa,
ari tadimah lalakon jeung kilanceuk bareng bapa, kilanceuk di Kebayoran Baru
dagang koran kuring milu diajar dagang koran, aya kompas, sinarPagi, buana
minggu jeung liana deui, jeung nyobaan deui dagang cingcau, nyoba deu dagang
donat, nyoba deui dagang buah segar tapi kasabaran masih diuji mungguh Allah,
sadaya usaha taya anu hasil alias cukup sabeuteungeun.
8.USAHA DILEMBUR

Arana
dikampung rada susah nyiar pacabakan mangsa harita,aya oge ukur bulu
taneuh,buburuh kapabrik gula nya dikebon tiwuna, abong lain lumintu ahirna anu
aya ngarasula da teu beubeunangan, beungeut racek, awak hideung hasilna teu
sabaraha,nyobaan dagang macem-macem topi pakeun budak jeung kolot, eta oge
modalna nuker sawah dua tauneun,saban pasar disungsi, saban lembur didatangan
nyiar luang jeung daluang.Kersaning gusti dina lalakon dagang batina papanggih
jodo ka indungna sibarudak kiwari.teu ria ria kawas nulian padu sah mungguh
pangurus pancatat nikah tur meunang surat nikah,walurat bener kanyataan
sagalana teu bisa dikedalkeun dina ieu tulisan.
Lima poe
sabada nikah milu kuli kaJakarta, cul bae dagangan amah meuren jalan carita
kudu ganti lalakon,ceuk kolot panganten ulah jauh sawan kasebutna, tapi dalah
dikumaha geus teu boga duit, tanggung jawab anu jadi lalaki keur ngaresikoan
pamajikan. Bener bae carita kolot, dijakarta cilaka bae, geus labuh, kacugak,
kasabet linggis, antukna pun mamang nitah kuring balik heula ka Lembur,
saminggu saterusna karek nuluykeun digawe, lancar.
9.DIANGKAT JADI PNS

Taun 1993
dikersakeun boga sicikal “Yuyun Trisnawati” katelah, sumanget deui kabangunan
demi anak pamajikan.Keur neuleuman dunia patukangan, diajar masang batu kali,
hol bapa kolot gigir, ngabejaan nyen kuring dipanggil pemberkasan, padahal
karek sababaraha poe, kuring nanya ka Mandor, “aya sabaraha deui sesa uang
makan?”. Mandor ohokeun bari nanya, “ kumaha aya naon, sesa uang makan ente aya
sapuluh rebueun deui?”
Meuli sapatu
kaloak opat rebu, bayar ongkos mobil treuk dua rebu, miang tengah peuting
datang isuk carangcang tihang, nepi ka imah pas teu boga duit, kersaning Gusti
Allah, alhamdulilah kuring diproses jadi PNS kalayan sababaraha halang
palangan.
10. DIANGKAT
JADI KETUA LPM DESA WARINGIN KEC.PALASAH KAB.MAJALENGKA

Kawit taun
2001 diangkat jadi ketua LPM Desa Waringin
10. DIANGKAT JADI KETUA Kelompok
Kerja Guru(KKG) kiHajar Dewantara

11.DIANGKAT JADI KADER PEMBERDAYAAN
MASYARAKAT DESA DINA PROGRAM PNPM KAWIT TAUN 2009

12.PENDAMPING HIDUP(ISTRI)

Waridah asal Desa Panongan Jatitujuh
13.ANAK_ANAKU

YUYUN TRISNAWATI dan JAFAR SIDIQ
14.INDUNG ANU NGANDUNG jeung pun
lanceuk

Komentar
Posting Komentar